cep soehe: nyaring keneh maneh
fesol_r: enya euy nang
cep soehe: keur naon ?
fesol_r has signed back in. (3/12/2009 12:54 AM)
fesol_r: keur aya gawean di klien nang
cep soehe: oohh alus atuh
fesol_r: ente keur dimana nang?
fesol_r: piraku di kantor keneh?
cep soehe: di kantor sol
cep soehe: rek lalajo champion euy
fesol_r: alah
fesol_r: sugan teh
fesol_r: ente datang ka nikahanna si aty nang?
cep soehe: alhamdulillah dongkap kang isal
cep soehe: ente teu datang ? si dilla oge datang ti jakarta
cep soehe: pak toriq ti jakarta oge datang
cep soehe: urang oge ti jakarta datang
cep soehe: maenya ente henteu ?
cep soehe: ngerakeun aing mah
fesol_r: da ente mah teu nyaho mun urang keur ka singapore
cep soehe: njirrr...
fesol_r: ngan teu jadi
fesol_r: da teu boga duit na
fesol_r: tadina mun boga duit rek ka singapore jeung pamajikan
fesol_r: ari kitu euwueh geuning duit na
fesol_r: jadi we sapopoe di imah
cep soehe: salah sorangan di status YM teu dicamtumkeun
cep soehe: biasa na pan sok dicantumkeun
cep soehe: nya minimal cantumkeun " euweuh duit " jadi ngarti ka undangan ge teu bisa ngamplop
fesol_r: tah eta
fesol_r: ngarti geuningan kesimpulanna
cep soehe: sol, si aty geulis siah
fesol_r: har da ti baheula oge geulis
cep soehe: hahaha :D
cep soehe: ngarti geuning euy
fesol_r: saha wae nu datang nang?
cep soehe: ampir kabeh
cep soehe: ngan si boss teu datang da keur di dubai
fesol_r: ooo
cep soehe: wasalam teu datang oge, tapi da maneh na mah lain biasa ari teu datang mah?
fesol_r: aeh enya
fesol_r: urang bieu ningalian poto2 na di facebook na si iwe
fesol_r: meni sono urang euy
fesol_r: sono ka si aty
fesol_r: aeehhh
fesol_r: ka barudak
cep soehe: hahaha
fesol_r: da turunan majalengka mah gareulis karasep nang
cep soehe: amiinnn..
fesol_r: sanajan kuru rada lila mikir na
fesol_r: karek kaharti geus rada lila mah
cep soehe: ngan hanjakal anu kasep na euweuh nu nyaho sal
fesol_r: soteh ceuk lalaki deui
fesol_r: da mun ceuk awewe na mah, urang teh kaasup nu tereh nang
fesol_r: teu kudu lila mikir, langsung nyaho urang teh kasep
cep soehe: ah nini urang ge kaasup awewe sol
cep soehe: awewe nu mana heula meureun
fesol_r: hehehehe
fesol_r: ente balik saminggu sakali nang?
fesol_r: asup nang
fesol_r: jupe
cep soehe: asub naon ai maneh ?
cep soehe : eta mah siaran ulang anu kamari. ayeuna mah MU
cep soehe: sayah saminggu sakali sol
cep soehe: kadang make motor, kadang bus kadang kereta
fesol_r: edan kana motor?
cep soehe: heu euh
cep soehe: anyir nyeuri awak na euy
fesol_r: liwat mana?
cep soehe: urang asal na liwat purwakarta sol, ngan aing kapok jalana goreng patut, jiganamah kumaha jelemana meureun nya, apal meureun urang purwakarta garoreng pan ?
fesol_r: hahaha bener nang
fesol_r: jalan teh nyirikeun jelema na
cep soehe: hahahah
cep soehe: ayeuna sok liwat puncak
fesol_r: ari kana kareta sabaraha ongkos na?
cep soehe: kana kereta 25 rb
cep soehe: kana bus 26 rb
fesol_r: bus jalur tasik lain?
fesol_r: ke turun di jalan tol
cep soehe: kana motor bensin beak 25 rb eta ge make pertamax
cep soehe: heu euh urang turun di tol bubat
cep soehe: tasik mun henteu garut
fesol_r: enya urang ge sok naek primajasa, turun di cileunyi
fesol_r: nyambung elf ka majalengka
cep soehe: oohh heu euh
fesol_r: nang, di dkn aya lowongan tenaga kontrak teu?
fesol_r: administrasi
cep soehe: euweuh sol euy
cep soehe: paling aya cpns anyar tahun 2009
cep soehe: engke ku urang di bejaan
cep soehe: test na gampang sol
cep soehe: matak urang bisa asub ge
fesol_r: ah piraku
fesol_r: ente pasti nyogok matak asup oge
fesol_r: urang wae ka perusahaan swasta nyogok
fesol_r: komo pns
cep soehe: loba anu nyangka kitu sol, tapi alhamdulillah henteu saperak perak acan euy
cep soehe: paling ngan ongkos bdg-jkt
fesol_r: hehehe enya atuh nang, percaya urang mah maneh jalma sholeh
cep soehe: amiinnn...
fesol_r: tapi urang leuwih sholeh nang
fesol_r: embung eleh uing mah
cep soehe: heu euh apanan didinya pan miluan mazhab cara cepat menuju surga tea
cep soehe: da ayeuna mah pns didieu euweuh honorer
cep soehe: cleaning service oge kabeh diangkat sol
cep soehe: ngahonor paling ngan 3 tahun paling lila
fesol_r: wah mantep
cep soehe: enya, euweuh mang taun taun
cep soehe: aya oge anu satahun langsung diangkat
cep soehe: urang oge nip teu lila kaluar ngan sabulan
cep soehe: anu laina mah can kalaluar sol
fesol_r: ooh kitu
3 comments:
hueheuheu..untung urang purwakarta mah tara maca blognya ......bisana ge proyekan wakakakakak
Wakakakakak ... padahal urang geus maca blogna.emang si enang hungkul nu bisa ngagoblog, eh ngablog...eta saha deuih nu anonymous, meni teu gentle ih..nang ai ente apal daerah purwakarta teu? :)) urang balik ka pwk saminggu skali can pernah manggihan jalan nu bolong euy.ai ente kalah los2 ka puncak,heuheu..siganamah lain jalan nu dipurwakarta na nu goreng teh da, curiga.Eh enya nang basa blog ieu ku saya dibere ka si aty langsung beureum eung beungeutna ..huahahaahahah.
Cobian cep deni ngalangkung ka daerah pabrik rayon barat, jalana menii lemess (baca:garinjul) sareng rata (baca:rumijad jeung balolong), pami usum hujan tiasa ngojay cileuncang sareng melak lele, ah maneh mah beut dibikeun ka si atty. isin atuh abdi
Post a Comment