Thursday, March 12, 2009

Bad Chatt Part Three



cep soehe: nyaring keneh maneh
fesol_r: enya euy nang
cep soehe: keur naon ?
fesol_r has signed back in. (3/12/2009 12:54 AM)
fesol_r: keur aya gawean di klien nang
cep soehe: oohh alus atuh
fesol_r: ente keur dimana nang?
fesol_r: piraku di kantor keneh?
cep soehe: di kantor sol
cep soehe: rek lalajo champion euy
fesol_r: alah
fesol_r: sugan teh
fesol_r: ente datang ka nikahanna si aty nang?
cep soehe: alhamdulillah dongkap kang isal
cep soehe: ente teu datang ? si dilla oge datang ti jakarta
cep soehe: pak toriq ti jakarta oge datang
cep soehe: urang oge ti jakarta datang
cep soehe: maenya ente henteu ?
cep soehe: ngerakeun aing mah
fesol_r: da ente mah teu nyaho mun urang keur ka singapore
cep soehe: njirrr...
fesol_r: ngan teu jadi
fesol_r: da teu boga duit na
fesol_r: tadina mun boga duit rek ka singapore jeung pamajikan
fesol_r: ari kitu euwueh geuning duit na
fesol_r: jadi we sapopoe di imah
cep soehe: salah sorangan di status YM teu dicamtumkeun
cep soehe: biasa na pan sok dicantumkeun
cep soehe: nya minimal cantumkeun " euweuh duit " jadi ngarti ka undangan ge teu bisa ngamplop
fesol_r: tah eta
fesol_r: ngarti geuningan kesimpulanna
cep soehe: sol, si aty geulis siah
fesol_r: har da ti baheula oge geulis
cep soehe: hahaha :D
cep soehe: ngarti geuning euy
fesol_r: saha wae nu datang nang?
cep soehe: ampir kabeh
cep soehe: ngan si boss teu datang da keur di dubai
fesol_r: ooo
cep soehe: wasalam teu datang oge, tapi da maneh na mah lain biasa ari teu datang mah?
fesol_r: aeh enya
fesol_r: urang bieu ningalian poto2 na di facebook na si iwe
fesol_r: meni sono urang euy
fesol_r: sono ka si aty
fesol_r: aeehhh
fesol_r: ka barudak
cep soehe: hahaha
fesol_r: da turunan majalengka mah gareulis karasep nang
cep soehe: amiinnn..
fesol_r: sanajan kuru rada lila mikir na
fesol_r: karek kaharti geus rada lila mah
cep soehe: ngan hanjakal anu kasep na euweuh nu nyaho sal
fesol_r: soteh ceuk lalaki deui
fesol_r: da mun ceuk awewe na mah, urang teh kaasup nu tereh nang
fesol_r: teu kudu lila mikir, langsung nyaho urang teh kasep
cep soehe: ah nini urang ge kaasup awewe sol
cep soehe: awewe nu mana heula meureun
fesol_r: hehehehe
fesol_r: ente balik saminggu sakali nang?
fesol_r: asup nang
fesol_r: jupe
cep soehe: asub naon ai maneh ?
cep soehe : eta mah siaran ulang anu kamari. ayeuna mah MU
cep soehe: sayah saminggu sakali sol
cep soehe: kadang make motor, kadang bus kadang kereta
fesol_r: edan kana motor?
cep soehe: heu euh
cep soehe: anyir nyeuri awak na euy
fesol_r: liwat mana?
cep soehe: urang asal na liwat purwakarta sol, ngan aing kapok jalana goreng patut, jiganamah kumaha jelemana meureun nya, apal meureun urang purwakarta garoreng pan ?
fesol_r: hahaha bener nang
fesol_r: jalan teh nyirikeun jelema na
cep soehe: hahahah
cep soehe: ayeuna sok liwat puncak
fesol_r: ari kana kareta sabaraha ongkos na?
cep soehe: kana kereta 25 rb
cep soehe: kana bus 26 rb
fesol_r: bus jalur tasik lain?
fesol_r: ke turun di jalan tol
cep soehe: kana motor bensin beak 25 rb eta ge make pertamax
cep soehe: heu euh urang turun di tol bubat
cep soehe: tasik mun henteu garut
fesol_r: enya urang ge sok naek primajasa, turun di cileunyi
fesol_r: nyambung elf ka majalengka
cep soehe: oohh heu euh
fesol_r: nang, di dkn aya lowongan tenaga kontrak teu?
fesol_r: administrasi
cep soehe: euweuh sol euy
cep soehe: paling aya cpns anyar tahun 2009
cep soehe: engke ku urang di bejaan
cep soehe: test na gampang sol
cep soehe: matak urang bisa asub ge
fesol_r: ah piraku
fesol_r: ente pasti nyogok matak asup oge
fesol_r: urang wae ka perusahaan swasta nyogok
fesol_r: komo pns
cep soehe: loba anu nyangka kitu sol, tapi alhamdulillah henteu saperak perak acan euy
cep soehe: paling ngan ongkos bdg-jkt
fesol_r: hehehe enya atuh nang, percaya urang mah maneh jalma sholeh
cep soehe: amiinnn...
fesol_r: tapi urang leuwih sholeh nang
fesol_r: embung eleh uing mah
cep soehe: heu euh apanan didinya pan miluan mazhab cara cepat menuju surga tea
cep soehe: da ayeuna mah pns didieu euweuh honorer
cep soehe: cleaning service oge kabeh diangkat sol
cep soehe: ngahonor paling ngan 3 tahun paling lila
fesol_r: wah mantep
cep soehe: enya, euweuh mang taun taun
cep soehe: aya oge anu satahun langsung diangkat
cep soehe: urang oge nip teu lila kaluar ngan sabulan
cep soehe: anu laina mah can kalaluar sol
fesol_r: ooh kitu

About Me

My photo
Bandung, West Java, Indonesia